skin kampung indian: Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar Djilid II

Buku Bahasa Sunda Taman Pamekar Djilid II


Taman Pamekar
Taman Pamekar
Djilid II
Karangan
A. Sanusi - Samsudi


Caang Bulan
Bada magrib aman geus disampeur ku babaturanan, rek marulan cenah. 
Harita teh tanggal 13, ti beurang keneh geus badami rek galah. Bulan geus rada luhur caangna ngempray nyaangan sakuliah alam.
Galah mah acan cangkep,ceuk Aman, " urang blag sosi bae sabari ngadagoan uha. " enya ju ! urang blag sosi bae ! ceuk babaturanana. Berebet Aman lumpat kadapur dituturkeun ku Udi. teu lila geus jol deui marawa lebu sarawu sewang., tuluy nyarieun kalang. " saha heula nu daek jadi ucing  ... ? ceuk Aman. Ambeh adil mah mending suten bae, ceuk babaturanana.
Kabeneran udi nu jadi ucing. barudak patarik-tarik lumpatna meh abus kana buleudan nu gede, ngan Oma kana buleudan leutik teh.
Udi ret kakatuhu, ret kakenca,bari mikir  mana heula nu rek ditepaan, tungtungna buleudan gede nu dituju teh, susuganan aya nu lumpat kana gandok leutik ceuk pikirna. Udi ngurilingan kalang, gancang pisan lumpatna bari leungeuna raragamangan kana jeuroeun kalang. 
barudak teh bereyek kaditu, bereyek kadieu, pada sieun katoel,bari teu eureun saleuseurian. 


DIJUAL BUKU-BUKU LAWAS ... !!!