skin kampung indian: Dongeng Sunda Japati Jeung Inten Bagian 1

Dongeng Sunda Japati Jeung Inten Bagian 1



Japati Jeung Inten
JAPATI JEUNG INTEN

Jaman baheula aya hiji kamasan.Pohara kajojona, kasohor ka mana mendi. Sohor dumeh someah tur hade hasa. Kajojo pedah hade bubuatanana. Nyieun itu nyieun ieu teh teu weleh pantes bae.

Lian ti eta, kamasan Ieh pohara tiginna kana jangji. Lamm geus jangji ka nu pesen, yen pianggeuseunana pesenan teh jero saminggu, dina waktuna teh pasti geus jadi. Tara lanca-linci, udar jangji.

Ku lantaran kiln,nu geus pesen teh sok cacarita ka tatanggana. Nyaritakeun kumaha hade gawena eta kamasan, bail ditembong keun bubuatanana.Atuh puguh,itu ieu pada nyaho.Nu pesen perhiasan teh meh taya towongna.

Ari eta kamasan, sabenerna mah turunan Bupati. Ngan aneh. sanggeus sawawa teh teu aya karep jadi Bupati nuluykeun lacak ramana.Kalah ingkah ti Kabupaten, ngacacang neangan pamatuhan anyar. Pikeun nyumponan bubutult sapopoe,nya tina ngamasan tea, bari tani.

Sakali mangsa, manehna nepi ka hiji lembur nu narik kana atina. Jorojoy aya karep rek tetep tumetep di dinya. Tuluy bae ngababakan.

Lantaran tara agul ku payung butut,batur salemburna mah taya nu nyahoeun kana lalakon manelma nu sabenema. Nyangkana teh kamasan biasa bae, nu ngadon bubuara ti lembur sejen neangan pangabetah di tempat eta. Kana ngaranna nu asli, nya eta Raden Jayamantri, taya nu nyaho. Katelahna teh Bapa Kamasan bae.

Lila ti lila, pangabisa eta kamasan teh kaemper-emper ka Dipati Ukur. Bupati nu ngalieuyeuk Tatar Ukur alam harita. Dipati Ukur nyobi-nyobi pesen perhiasan ka eta kamasan. Barang katitenan hade bubuatanana.Tuluyna mah Dipati Ukur ngalanggan ka dinya. Upama aya pigaweeun kamasan teh tara miwarang nu sejen. pasti ka kamasan nu someah tur hade basa tea bae.

Tina banget panuju kana pagaweanana. eta kamasan diangkat jadi kamasan Kabupaten. Kuduna mah pindah ka dayeuh nganjrekna ge,tapi Raden Jayamantri teu daek ingkah. Basana mah geus pohara betahna di lembur eta.


Nya nepi kana mangsana.Tatar Ukur kaereh ku Mataram. Saban taun Dipati Ukur kudu caos upeti ka Mataram, rupaning perhiasan tina emas inten "katut barang-barang hargaan sejenna. Lantaran Dipati Ukur salawasna ngadamel perhiasan ti Raden Jayamantri, atuh nu dikintunkeun ka Mataram oge nya buatan Baden Jayamantri tea. Raja Mataram pohara katarikna ku perhiasan. kiriman ti Ukur teh. Panuju ku lemes buatanana,merenah ukuranana, matak pantes dianggona.

Tina panuju tuluy katarik. Antukna dugi ka mapay-mapay, nataroskeun saha-sahana nu nyieun perhiasan sakitu hadena. Ku Dipati Ukur diunjukkeun sabalakana, yen eta perhiasan teh jieunan kamasan kolot nu matuh di pasisian.

Raja Mataram panasaran, hayang jonghok jeung jinisna. Nya Raden Jayamantri diangkir ka Mataram, sina ngadeuheus ka Kangjeng Raja. Nepi ka ditu, sasat diuji, Raden Jayamantri dititah nyieun rupa-rupa perhiasan, nurutkeun kapalay Raja katut Prameswari.


Raden Jayamantri ngetrukkeun pangabisana.Minangka hasil-na,Raja Mataram pohara panujuna.Prameswari nya kitu keneh.Pogot naker kana pinggel jieunan kamasan semah nu tetela hadena.


Mulang ti Mataram,Raden Jayamantri neruskeun garapanana jadi kamasan.Teu incah balilahan,matuh di pasisian tea bae.Nu pesen perhiasan juljol ti nu jauh ti nu deukeut. Geus puguh ti Kabupaten mah. da tara miwarang ka nu sejen deui.


Sakali mangsa,Raden Jayamantri narima pesenan ti Raja Mataram.Unggeling pesenan,Prameswari palay dipangdamelkeun sumber tina emas make panon inten. Kituna teh bari sok emasna sok intenna.Rea emasna mah,tapi intenna ngan dua siki,cumpon keur panon sumber sapasang bae.


Hari pohara ati-atina Raden Jayamantri migawe eta pesenan. Tangtu kudu taliti jeung ati-ati da puguh pesenan Raja.Era temen lamun gagal teh.Lian ti eta, kurang-kurangna ati-ati mah kuriak jadi cilaka.Inten tea. najan leutik ge pohara mahalna. Lamun nepi ka leungit teh tada teuing riweuhna. Raja tangtu bendu,kurang-kurangna milik mah teu mustahil nepi ka nemahan pati lamun eta barang leungit teh.


Dina hiji poe,Raden Jayamantri digawe sekumaha biasana. Harita sumber pesenan Raja teh geus anggeus sabeulah. Geus beres dipanonan. nyengcelak boborelakan. Mutuh matak resep nu ningali.


Ari nu sabeulah deui keur dihanca. Harita teh keur memener
pitempateun inten sangkan pageuh tur pantes.Dak dumadak ... 
Nyambung ka bagian 2 klik nu ieu ...
DIJUAL BUKU-BUKU LAWAS ... !!!