skin kampung indian: Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Sakadang Tenggek

Dongeng Sunda Sakadang Peucang Jeung Sakadang Tenggek




 


SAKADANG PEUCANG
Nu sabab saban nyanghareupan masalah Sakadang Peucang sok meunang wae,timbul rasa dir jeung sombong. Katangen pisan upama leumpang tara nempo tincakeun.
Leya-leye we nepi ka loba sato katicakan kaya ning sireum,cacing, hileud,tenggek jeung sabangsana.

Dina hiji waktu mah tenggek kacida ambeukeunana sabab anakna loba nu paeh katincakan ku peucang. Ku saab kitu ku tenggek

"Ieuh Sakadang Tenggek unggal sato oge moal aya nu mangmeunangkeun ka sampean.Sareatna wae upama sampean leumpang sakitu ngeteyepna...!Rek meunang kumaha balap jeung kaula...? ceuk peucang sombong.
 

"Teu kudu loba omong Sakadang Peucang...!pokona wani henteu...! ceuk peucang sombong.
 

Ngadenge omongan tenggek kitu,peucang kacida ambeukeunana,rasana dihina ku sato nya bodo nya leutik.
"Mimitina pasir ieu,tuluy ka pasir itu,pasir itu,pasir itu...! panungtungan di pasir itu nu pangjauhna...!'cenah bari nunjuk pasir-pasir nu kudu disorang. 

"Euh ngamimitian di dieu enggeusan di ditu...? peucang nanya. 
"Bener ... ! tembal tenggek.

Geus kitu tenggek ngumpulkeun babaturanana. Aya nu kudu cicing di pasir nu ka hij,aya nu kudu di pasir nu kadua,ka tilu jeung saterusna nepi ka nu katujuh. Atuh dina poe Ahad nu geus ditangtukeun sato-sato ti jauhna ti deukeutna,sato gede sato leutik geus ngarumpul,di tegal geus heurin usik. kabeh sato teu aya nu mangmeunangkeun ka tenggek,kabeh ngabela ka peucang.
 

Dina waktu ngamimitian,tenggek geus kuda-kuda. Jol peucang bari umat-imut tuluy ngacungkeun leungeun ka nu lalajo di beulah kenca jeung katuhueunana. ger nu lalajo surak ambal-ambalan ngabobotohan ka Sakadang peucang.

Waktu uncal nu jadi wasit nyebutkeun,'Hiji...! Dua...! Tilu...! Ber peucang lumpat satakerna mani bangbaraan,dibaregan ku surak nu lalajo. Ari tenggek teu katempoeun ku nu lalajo kamana lumpatna. Ceuk sato-sato leutik teu katempo soteh pedah lumpatna tarik pisan. padahal saenyana mah tenggek teh ngaliwed ka handapeun jukut tuluy nyumput.

Kacaritakeun Sakadang Peucang sanggeus nepi ka puncak pasir nu kadua,ngageroan tenggek, "Sakadang Tenggek,! "cenah.
 "Gek...! tembal tenggek nu tadi ge geus aya di dinya.
 "Sampean geus nepi ka dieu...?
 'Enggeus...! tembal tenggek.
 "Aduh...! ceuk pikir peucang, Geuning tenggek teh gancang lumpatna.
Ber deui peucang lumpat satakerna.


Sanggeus nepi ka pasir nu katilu,Sakadang Peucang nanya deui ka tenggek saperti tadi. Nu dijawab ku tenggek saperti tadi deui. teu loba omong ber deui peucang lummpat satakerna. barang nepi ka pasir nu kaopat Sakadang Peucang geus kacida capena. Waktu di dinya manehna nanya ka Sakadang Tenggek,sarta tenggek ngajaawab saperti ti heula,bakat ku cape bru weh peucang teh nambru. Ti dinya mah peucang teu bisa lumpat deui,leumpang ge laun pisan.
Keur kitu kadenge tenggek gegeroan ti pasir nu kalima,'Sakadang Peucang...! Sakadang Peucang...! Rek di tuluykeun balap teh...?

Peucang teu ngajawab kalah ngalungsar handapeun tangkal kanyere. Ku sabab kitu wasit mutuskeun nu meunag balap Sakadang Tenggek. Ti harita sikep peucang teu sombong deui,ceuk pikirna,'mMemang sakabeh mahluk ge kudu keuna ku apes.

DIJUAL BUKU-BUKU LAWAS ... !!!