skin kampung indian: Kumpulan Paribasa Sunda Lengkap

Kumpulan Paribasa Sunda Lengkap

 1. Atah Anjang # Langka Silih Anjangan
 2. Adigung Adiguna # Takabur, Sombong
 3. Ambek Nyedek tanaga Midek # Nafsu gede tapi tanaga euweuh
 4. Anjing Ngagogogan kalong # Mikahayang Nu lain- lain
 5. Adat kakurung ku Iga # Lampah Goreng Hese Leungitna
 6. Alak Paul # Jauh Pisan
 7. Aki-aki tujuh Mulud # Geus kolot Pisan
 8. Ayem Tengtrem # Tenang teu aya kasieun
 9. Asa teu Beungeutan # Awahing ku era10. Anu Borok dirorojok # Nu titeuleum Di Simbeuhan = Mupuas kanu Keur Cilaka
11. Amis Budi # Hade Paroman
12. Aya jurig Tumpak Kuda # aya Milik Nu teu disangka-sangka
13. Aya jalan Komo meuntas # Aya Kahayang aya Nu ngajak
14. Awewe Dulanhg tinande # Awewe nurutkeun kahayang salaki
15. Amis Daging = Babarian Katerap Panyakit
16. Abong Letah teu Tulangan # Sagala dicaritakeun sanajan pikanyeurieun Batur
17. Ari umur Tunggang Gunung, Angen-angen pecat sawed # Ari Umur geus Kolot, ari kahayang jiga Budak ngora
18. Agul Ku Payung Butut # Agul Ku Turunan
19. Aya Pikir Kadua leutik # Aya Kahayang
20. Asa ditonjok Congcot # Ngarasa Bungah Pisan
21. Adean Ku kuda Beureum # Ginding Ku Pakean Meunang Nginjem
22. Birit Aseupan # teu Daek Cicing
23. Biwir Nyiru Rombengeun = Resep Nyaritakeun Rusiah Atawa Kasalahan Batur
24. Bengkung ngariungbongkok ngaronyok = sauyunan, Ngariung Babarengan
25. Beurat Birit # Hese Dititah
26. Bali Geusan Ngajadi # Lemah Cai Kalahiran
27. Balungbang Timur # Nuduhkeun Hate Beresih
28. Bobo Sapanon Carang Sapakan # Aya Kakurangan
29. Bilatung Ninggang dage # Bungah Pisan
30. Batok Bulu eusi Madu # Ninggang Lain Pitempatenana
31. Badak Cihea # Degig
32. Bonteng Ngalawan Kadu # Nu hengker ngalawan Nu Bedas
33. Babalik Pikir # Insap
34. Balik Pepeh # Nu gering teu daek Cicing
35. Balik Ka Temen # Asal banyol Jadi Pasea
36. Buntut Kasiran # Medit
37. Bodo Alewoh # Bodo Tapi Daek tatanya
38. Bodo Kawas kebo # Bodo Kacida
39. Beja mah Beja # Beja Ulah Waka dipercaya
40. Bancang Pakewuh # Pikasusaheun
41. Budak keur meujeuhna Bilatung Dulang # Keur Meujeuhna Beuki dahar
42. Bulu Kapaut # Kabawa kuBatur
43. Balabar Kawat # Beja Nu sumebar
44. Beak Dengkak # sagala ikhtiar geus diusahakeun tapi teu hasil Bae
45. Batan Kapok Galah Gawok # Batan Eureu kalah Maceuh
46. Buruk- Buruk Papan Jati # Hade Goreng dulur Sorangan
47. Cueut Kahareup # Tereh Maot
48. Deukeut- Deukeut Anak Taleus # Deukeut Tapi taya nu nyahoeun
49. Disakompet daunkeun # Disamarutkeun
50. DibejerBeaskeun # Dijentrekeun, Dieceskeun
51. Dog dog Pangewong # Acara Panambah
52. Dibabuk Lalaykeun # Dibabuk Kenca Katuhu
53. Dagang Oncom rancatan Emas # Teu Saimbang
54. Dihin Pinasti Anyar Pinanggih # Papantes Geus ditangtukeun ku Gusti Alloh
55. Dug Hulu Pet Nyawa # Usaha satekah Polah
56. Elmu Ajug # Bisa Mapatahan Batur, Ari Sorangan teu Bisa Ngamalkeun
57. Gantung Denge # Masih dedengeun
58. Ginding Kekempis # Ginding tapi Sakuna Kosong
59. Gede Gunung Panaggeuhan # Boga andeleun, Pedah Boga Dulur Beunghar
60. Garomengmengeun # Taya Kasabaran
61. Galehgeh Gado # Sagala Di Caritakeun
62. Garo Singsat # Pagawean Awewe Dina aya ka teu Panuju
63. Gurat batu # Pageuh Kana Jangji
64. Goong saba Karia # nonjolkeun Maneh sangkan kapake ku dunungan
65. Goong nabeuh Maneh # Ngagulkeun Diri sorangan
66. Getas hareupan # Gancang Nafsu
67. Gindi Pikir Belang Bayah # Goreng Hate
68. Hampang Birit # Daekan Kana Gawe
69. Hambur congcot murah Bacot # Goreng Carek Tapi berehan
70. Heuras geunggerong # Omongana Sugal
71. Hade Gogog Hade Tagog # Jalma Sopan
72. Hutang salaput Hulu # hutangna Kaditu Kadieu
73. Hurung Nangtung Siang leumpang # Nu Beunghar pangabogana dipake
74. Hejo tihang # Sok Pundah Pindah Gawean
75. Harigu Manukeun # Dadana Nyohcor Kahareup
76. Haripeut Ku teuteureuyan # Gampang Ka picot Ku pangbibita
77. Harewos Bojong # Ngaharewos tapi Kadenge Ku Batur
78. Mandap Lanyap # Omongana lemes Tapi ngahina
79. Halodo sataun Lintis Kuhujan sapoe # kahadean mang taun- taun leungit ku kagorengan sakali
80. Heureut Pakeun # Kurang Kaboga
81. Hampang leungeun # gancang tunggal teunggeul
82. Iwak Nantang sujen # Ngadeukeutan Pibahayaeun
83. Inggis Batan Maut Hinis # Paur Pisan
84. Jalma Atah Warah # Teu Narima Didikan Sacukupna
85. Jati Kasilih ku Junti # Pribumi Kaelehkeun Ku Semah
86. Jauh-Jauh Panjang gagang # jauh- jauh teu Beubeunangan
87. Kawas anjing Tutung Buntut # Teu Daek Cicing
88. Kawas Anjing Kadempet Lincar # Gogorowokan Menta Tulung
89. Kawas Bueuk Meunang Mabuk # Ngeluk taya tangan pangawasa atawa jempe teu nyarita
90. Kurung Batok # Tara indit- inditan jauh
91. Kawas Beusi Atah Beuleum # beungeutna Beureum awaning Ambek
92. Kokolot Begog # Budak Pipilueun Kana Urusan Kolot
93. Kawas nu dipupul Bayu # Leuleus taya tangan Pangawasa
94. Kumaha Geletuk Batuna, Kecebur caina # Kumaha Brehna
95. Kejot Borosot # Gampang nyokot kaputusan teu dipikir heula
96. Kabawa ku sakaba- kaba # Kabawa ku nu teu puguh
97. Kahieuman Bangkong # Jiga beunghar Pedah katitipan barang batur
98. Katempuhan Buntut Maung # batur nu boga dosana urang nu katempuhanana
99. Kawas cai dina daun taleus # Taya Tapakna
100. Kawas jogjog mondok # teu daek repeh
101. Kelek jalan # Deuket tapi jalanna taya nu lempeng
102. kawas jaer kasaatan # teu daek cicing
103. kawas gaang katincak # jempe
104. kawas hayam panyambungan # lumbang- limbung teu puguh
105. Kawas kuda leupas tina gedogan # ngarasa bebas
106. Kaciwit kulit kabawa daging # anak nu boga dosana, kolot nu kababawana
107. Kandel kulit beungeut # euweuh kaera
108. Kujang dua pangadekna # pagawean nu maksudna dua cabak
109. Kokoro manggih Mulud # makmak- mekmek
110. kawas kedok bakal # goreng patut pisan
111. kaliung kasiput # loba baraya beunghar
112. kawas kapuk ka ibunan # leuleus taya tangan pangawasa
113. Kalapa Bijil ti cungap # rusiah dicaritakeun sorangan
114. kawas kacang ninggang kajang # nyariatna capetang tur gancang
115. kawas nyoso malarat rosa # malarat pisan
116. Kulak canggeum # milik nu geus ditangtukeun
Ku gusti Allah
117. Kembang Buruan # Budak Nu keur Resep Ulin
118. Kawas leungeun Palid # Uyap ayap teu daek cicing
119. kawas lauk asup kana bubu # hese rek kaluar
120. Kawas merak # beuki kana cengek