SERAB KU PAKEAN
Jaman harita,pikeun lelewek Cirebon Girang jeung sabudereunana mah geus taya nu bireuk deui ka Kuwu teh. Henteu kasebut saha kakasihna,nelah Kuwu Cirebon Girang bae. Itu ieu pada nyaho. Mun pareng aya tamu ti nu jauh nanyakeun,urang dinya mah pasti bisa nuduhkeun di mana matuhna.
Sohor ku dua ku tilu Kuwu teh. Eukeur mah toweksa ka abdi-abdi,bumela ka rahayat,turug-turug jalma ngigama. Rea pulunganeunana pangaweruhna teh.Upama aya nu kariaan atawa miboga maksud,asa kurang sugema lamun teu ngulem Ki Kuwu. Najan kasebut biantara,tara teuing matak bosen nu ngadenge.Sarerea pada resep.Resep ku carana nyarita, resep ngabandungan eusi carita,nu salawasna pepel-mundel pinuh ku mutiara kahirupan.
Sakali mangsa,Ki Kuwu diondang ka hiji desa pikeun da'wah di nu boga maksud.Ki Kuwu nyanggupan.Dina waktuna,isuk keneh ge Ki Kuwu geus iang ti lemburna,ngajugjug lembur nu ngondang tea. Ngahaja badarat da teu sakumaha jauhna.
Datang ka nu dituju,Ki Kuwu taya nu malire.Boro-boro mun dipapagkeun,ditaranya ge henteu. Demi sababna,harita Ki Kuwu ngahaja ngulir,make pakean basajan. Teu bina ti pakean karereanana rahayat. Nu ngondang teh teu engeuh yen Ki Kuwu geus aya hareupeun imahna, milu diuk deukeut balandongan,campur jeung nu sejen.
Nepi ka rada beurane,upacara can dimimitan.Cenah ngadagoan Kuwu Cirebon Girang, teu acan sumping. Ki Kuwu nyenghel, dina hatena mah ngageremet. Hayang geura nyarita, ngedalkeun eusi hatena.
Sanggeus tetela yen nu matak acara can dek teh lantaran ngadagoan Kuwu,Ki Kuwu gura-giru balik ka imahna. Datang-datang geuwat disalin ku papakean hurung-herang, sakumaha biasana mun manehna nyanyabaan. Tapi, nu tadi dipake ge teu dilaan,dirangkep bae. Sanegeus tarapti,clak kana kuda tutung-ganganana,paranti indit-inditan ka nu jauh. Beretek ditegarkeun.
Nepi ka wates lembur,Ki Kuwu dipapag ku jurungan nu boga hajat. Kudana digondeng bari pada ngalalajoan. Kudana gandang.Nu tumpakna ginding.
Sanggeus reureuh sakeudeung,Ki Kuwu jol dihaturanan ka panggung bae,da puguh geus dianti ti tatadi. Cat Kuwu unggah ka pangeung,paromanna semu angker,kawas ngemu kahandeueul. Ana pok biantara, puguh we matak heran nu ngadenge.Pokna teh:
"Sakali ieu kaula moal panjang cacarita.Kaula ngan seja nyaritakeun lalakon sorangan dina poe ieu. Tadi isuk-isuk,kula geus nepi ka dieu,diuk di ditu,campur jeung nu rea. Taya saurang-urang acan nu malire.Demi sababna,tadi kula make papakean basajan,teu bina ti aranjeun kabeh. Lantaran pajemuhan can dek keneh bae,pajar ngadagoan kaula,kula balik deui pikeun disalin kawas kieu. Jeung enyana,ayeuna mah kula dipapag, dihormat didama-dama.Jadi tetela,nu dihargaan teh pakeanana,lain jelemana. Bisi teu percaya, rek dibuktikeun...."
Ki Kuwu ngudar papakeanana. Pakean nu hurung-herang disampaykeun,dikaitkeun kana paku nu aya dina tihang balandongan.Jelegedeg bae Kuwu ngadeg dina papakean basajan,nya eta nu dipake ku manehna tadi isuk-isuk.
Hadirin jempe kawas gaang katincak.Helok jeung era. Ari Kuwu mani anteb neuteup ka hadirin,bangun hayang ngobet eusi hate maranehna. Saurna deui,"Dalah dikumaha,buktina mah urang teh sok leuwih ngahargaan sugri nu katembong batan nu sipatna rohaniah. Ana nyanghareupan jelema sok serab ku papakeanana,najan can apal kana watek atawa pasipatanana. Ku sabab eta,semet poe ieu,kadang kaula ti Cirebon salawasna kudu garinding, sangkan dihargaan batur. Geus puguh di panyabaan, dalah di imah sorangan ge sarua bae...."
Eta sababna,nepi ka ayeuna urang.Cirebon mah sok narecis bae.Ari lembur tempat Ki Kuwu da'wah tea,ayeuna nelah Desa Sampiran,minangka pangeling-eling kana kajadian eta, nya eta waktu Ki Kuwu nyampirkeun papakeanana kana paku dina tihang balandongan.
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kumisan Baca Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Hayang Nyusu klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ka Puskesmas Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk Klik Nu Ieu >>