skin kampung indian: Dongeng Sunda Sasakala Gunung Putri Cililin

Dongeng Sunda Sasakala Gunung Putri Cililin



Gunung Putri CIlilin
DONGENG SASAKALA GUNUNG PUTRI CILILIN


Kacaritakeun aya putri anu kacida geulisna.Ku tina geulis-geulisna,rea pisan lalaki nu mikahayang.Boh putra Raja boh turunan cacah, rea nu geus balaka hayang migarwa.Tapi taya nu bisa laksana.Sakur nu kungsi ngalamar teh balik lengoh bari kuciwa. 

Demi sababna, unggal aya nu ngalamar putri teh sok aya pamenta.Pamentana rupa-rupa,tapi tetela taya nu hampang. Lamun teu bisa nedunan pamentana,wayahna panglamarna teu ditarima.
Geus aya puluhna lalaki nu gagal lantaran teu bisa nedunan kahayang putri.Najan kitu,teu bisa kukumaha. Teu wani ngunghak campelak ka eta putri najan kahayangna teu laksana oge.Ari sababna,lian ti geulis teh eta putri jeung sakti deuih. Pangabisana lain bantrak-bantrakeun.

Sakali mangsa,kurunyung aya lalaki nepungan ka eta putri. Eta lalaki teh urang padesan,ngaranna Asep Roke. Maksudna nepungan putri seja ngalamar. 

Nyi Putri henteu nolak,Tapi nya eta boga pamenta.Pokna teh:"Heug bae kaini jadi pamajikan anjeun, asal anjeun bisa nedunan kahayang kami.Anjeun didagoan di dieu nepi ka wanci surup panonpoe.Datang deui kildu mawa munding nu baplang tandukna. Lamun eta teu ngabukti,wayahna moal jadi dipisalaki...." 

Asep Roke indit bari gede hate.Ceuk pikirna,naon hesena neangan munding baplang! Manelma geus ujub yen bakal jadi salaki putri. Inditna teh bari gumbira pisan. 

Tapi,buktina mah bet nyalahan.Waktu panonpoe geus rek surup,Asep Roke di jalan keneh.Can nepi ka tempat putri. Padahal munding nu tandukna baplang teh geus katungtun ku manehna.Ngan elat waktuna bae. 


Barang reup panonpoe surup,Asep Roke kakara nepi ka pasawahan.Teu sakumaha jauhna ti patempatan putri tea. 

Keur kitu,ujug-ujug reg bae munding teh eureun,teu daek dibawa leumpang.Mugen di dinya. Asep Roke pohara kagetna, barang ngalieuk ka tukang,munding teh bet jadi batu! Ras Asep Roke inget ka putri nu kasohor luhung elmuna. Moal boa kajadian kitu teh nya lantaran pangawasa putri tea. 

Cul bae munding nu geus jadi batu teh ditinggalkeun. Berebet manehna lumpat,muru ka tempat putri.Teu ku hanteu,barang nepi ka deukeut panganjrekan putri,Asep Roke ge robah jadi arca batu. Nya kitu deui putri tea, manehna ge jadi arca. 

Lila ti lila,tempat Asep Roke jadi arca teh ngajadi gunung.Nepi ka ayeuna nelah gunung Asep Roke. Nya kitu deui tempat putri tea,jadi gunung deuih. Kasebutna gunung Putri.Ari batu robahan tina munding nu dibawa ku Asep Roke tea,katelah Batu Munding.Ayana di Rancapanggung, Cililin (kab.Bandung).


*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kumisan Baca Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Hayang Nyusu klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ka Puskesmas Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan Klik Nu Ieu >>
*** Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk Klik Nu Ieu >>

DIJUAL BUKU-BUKU LAWAS ... !!!