skin kampung indian: Pupuh Sunda Magatru

Pupuh Sunda
Magatru



angklung bandung tempo dulu
MENARI DIIRINGI ALUNAN MUSIK ANGKLUNG TEMPO DULU

Magatru,salasahiji ngaran pupuh. Watekna pikeun ngagambarkeun nu ngalalakon dina jero kaprihatinan atawa sakapeung ngagambarkeun nu keur babanyolan (heureuy).  

MAGATRU:
Suyudana ngangres manah salangkung,
reh nuju apesing jurit
nu jadi andelan kalbu
dua kekentong linuwih
ayeuna geus pada asor.

pra saderek nu sawareh geus kasambut,
tur perang parantos lami,
lima welas poe jeputenggal Suyudana Aji,
ka Karma ngalahir alon. 

"Ayeuna mah parantos teu kenging nanduk,
giliran raka Dipati.
nu kedah jadi pamanggul,
sarehna teu aya deui,
satria nu lengkung tanggoh.

Eyang Bisma jeung Bagawan Dorna wiku.
pangna ti heula kapilih,
kapan ku raka dipundut,
padahal timbangan rai,
ku raka Dipati kawon.

Duanana ngan sapedah kenging umur,
ayeuna kapanggih bukti,
ka Pandawa henteu mampuh,
engke ku raka mah pasti,
pandawa tinangtu asor.

Sabaladna Pandawa mo burung taluk,
lir beurit sieun ku ucing,
sagokan ge terus mundur,
sakur satria prajurit,
ku raka Dipati ngompod ".

Walon Karna: "Abdi Dalem nu sumujud,
nampi sareng bingah ati,
kana tibalan Sang Prabu,
mugi ulah semang galih,
enjing ge pandawa kawon.

Dadayana di pangperangan kasambut,
moal aya nu kari,
sanajan Arjuna pamuk,
sasat parantos kacangking,
ku abdi rek diborogod.

Tina wawacan : Baratayuda.
Anggitan : R. Sacadibrata
Kaluaran : Bale Pustaka

Dongeng Sunda Si Kabayan Kasemahan klik ni ieu >>
Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk klik nu ieu >>
Dongeng Sunda Si Kabayan ka Puskesmas klik nu ieu >>