skin kampung indian: Buku Pelajaran Bahasa Sunda Diajar Maca

Buku Pelajaran Bahasa Sunda Diajar Maca



BUKU 
" DIADJAR MATJA "
DISUSUN KU 
IDAT JEUNG SAMSUDI 
PENERBIT
TARATE BANDUNG
CETAKAN PERTAMA DICETAK TAHUN 1955





PIHATUR
Salah-sawios pangadjaran lulugu di kelas I anu kedah leres dadasarna, nya eta pangajaran maos.
kana prk-prakanana ngawulang maos tangtos sadajana oge parantos paraham. Nanging teu aja lepatna upami di dieu diterangkeun ringkesna. Kumaha ngawitanana ngawulang maosnganggo ieu buku.
 Ngawitan ngawulangkeun aksara  i.
Supados murid2 katarik hatena, guru kedah ngagambar heula dina bor, gambar hidji budak awewe, Teu kedah sae - sae, dapon djiga wae..
Teras guru ngadongeng kieu :" Dilembur anu aja hidji budak awewe, teuing ku lutju (geulis) ngarana : " i-i ".
 i-i teh budak bageur pisan,awakna beresih,da getol mandi, huntuna bodas ,papakeana beresih.
 Indungna njaaheun pisan ka i-i,sabab i-i teh budak getol djeung daekan saperti : sasapu,kukumbah,ngisikan, ka warung jeung sadjabana.

                                                                                                                            wassalam
Pangarang                                                                               

Bandung, November 1955

DIJUAL BUKU-BUKU LAWAS ... !!!