skin kampung indian: Buku Bahasa Sunda-Kandaga

Buku Bahasa Sunda-Kandaga





Buku Pelajaran Bahasa Sunda
KANDAGA
BUKU BATJAAN S.M.P/S.G.B KELAS II
DISUSUN KU:  
R..MOMON WIRAKUSUMAH 
I.BULDAN DJAJAWIGUNA
PENERBIT :
" GANACO " N.V. 
BANDUNG - DJAKARTA - AMSTERDAM
1957

Dongeng Sunda DIPATI UKUR
Nurutkeun sadjarah nu ajeuna diadjarkeun di sakola-sakola,dina ngamimitian abad ka -17, sangeus sabababraha karadjaan di Djawa-Tengah  djeung pasundan ditaklukeun, meh sakuliah pulo Djawa kaereh ku Mataram,ngan kari Banten anu atjan kabawah teh. 

Ku sabab tjita-tjitana susuhunan Mataram hojong ngereh sakuliah pulo Djawa. Banten ge kudu didjabel. Tuluy anjeuna mundut tulung ka kumpeni walanda,mundut dibantuan naklukeun banten. Katjida andjeuna werana, barang ngadangu, jen kumpeni teu puruneun mantuan. Ku lantaran era. Sunan Ageng tuluy mepek balad,rek ngagempur  kumpeni di  batawi. Ari ti priangan anu kudu milu ngarurug ka Batawi teh nja eta Dipati Ukur.
Saterusna ditjaritakeun jen Dipati Ukur ninggalkeun medan peperangan,kusabab teu satudju kana siasat pingpinan umum.

Ngan sakitu-kituna anu ditjaritakeun perkara Dipati Ukur.
Anu njieun buku sadjarah kudu djudjur. Sagala kaajaan djeung kadjadian ditjaritakeun kudu objectif, teu meunang aja nu ditambahan atawa nu dikurangan. tapi nadjan sakumaha djudjurna oge,ari tjaritaan mah sok aja bae kakuranganana.

Bisa djadi aja batjaan anu imeut pisan ditjaritakeunana, tapi aja oge anu ngan saukur disabit saeutik, ku sabab tjeuk pikiranana henteu penting. Sadjarah anu ajeuna diadjarkeun sabagian gede masih keneh mangrupa tardjamahan tina buku basa Walanda.
teu aneh lamun ditjaritakeun teh babakuna anu ngaluskeun Walanda wungkul.

Kumaha ari riwajat Dipati Ukur anu saenjana, djeung kumaha tuluyna ? naha meunang kapalaperang ninggalkeun medan djurit,ku lantaran, ku lantaran teu satudju kana siasat Pingpinan umum ? ku sabab euweuh deui katerangan sedjen,urang teh teu njaho,naha Dipati Ukur teh pahlawan anu pudjieun jeung pudjaeun atawa kapalaperang anu djedjerih, ninggalkeun medan perang, ku sabab baturna kadeseh ?

Dina madjalah " WARGA " aja katerangan anu njaritakeun riwajat Dipati Ukur. Anu ngadongengkeunana nini-nini tjenah. Kieu ari ringkesna mah.
Sinuhun mataram ngarurugna batawi teh ti darat djeung ti laut. Balad laut dikapalaan ku Bahurekso, ari balad darat ku Dipati Ukur. Bahurekso kudu ngajonan musuh ti kaler,nja eta ti laut, ari Dipati Ukur ti belah kidul, mun ajeuna mah ti Djatinagara..
Ku sangkaan Bahurekso,Dipati Ukur teh atjan angkat ka pakalangan,sabab beulah kidul masih keneh simpe. Padahal andjeuna - Dipati ukur - geus ti heula sumpingna teh. bari ngantosan Bahurekso,andjeuna mangkalan di pasangrahan.

Bahurekso handjat ka darat di Pamanukan, tuluj ka karawang rek ngadjugdjug ka Sumedang, terus ka Bandung,maksudna rek nangkep Dipati Ukur, anu kusangkaanana embung milu perang,padahal Bahurekso anu asak sasar.

Harita di Sumedang djeung di Bandung keur lebaran Rajagung. balad Bahurekso datangna ka Priangan teh,terus ngarandjah. barang Dipati Ukur ,anu keur mangkalan di pasangrahan tea, ngadangu jen Bahurekso nguwak-ngawik ka urang Bandung, gura-giru mulih deui ti pengperangan,saba ngarasa dihina. 
tidinja,der perang tanding antara balad Dipati Ukur djeung balad Bahurekso. Ari kumpeni di batawi ngeunah bae ngeprokan nu perang djeung baraja.

Katjaritakeun balad Dipati Ukur tungtungna kadeseh : nja mundur ka Tjililin,tuluy mapay-mapay gunung.
di gunung Lintang Panggung andjeuna ngadamel pasangrahan keur ngarereb sakeudeung . Isukna terus meuntas ka gunung Gegerpulus, anu   tonggoheun kota cililin pisan ,tidinja terus ngidul  nepi kaajeuna katelah " Tjurug Tjilajang."  Nja didinja andjeuna itjal lelepen djeung pendok emas : anu matak nepi ka ajeuna disebut " Tjilajang ".  Ku leungitna eta dua djimat teh, teg bae andjeuna kangungan raos : moal boa bakal bobor karahajuan. Tuluj andjeuna ngurawet batu gede ku areuj, sanggeus anggeus, pok sasauran kabaladna : " ieu areuj moal pegat, sarta batuna moal tiguling.,kadjaba lamun isuk djaganing pageto aja urang Djawa lunta - lanto ka dieu." Eta batu teh nepi ka ajeuna disebut batu karut. 
 Ti dinja Dipati Ukur teh tuluj ka tonggoh, nepi ka gunung Putri . Nja didinja andjeuna ngajonan musuh anggeus-anggeusan . Teu kaur urang Djawa handjat , tuluj ku andjeuna jeung balad-baladna di urugan batu. Nepi kaajeuna aja urutna,taringgul batu galede di walungan Tjibitung.

Tapi saenggeus tilu poe, kapaksa andjeuna lungsur deui, sabab kakurangan bekel. tuluy nudju ka gunung Lumbung. Nja didinja pisan andjeuna bobor karahajuan,diuwak awik ku nu dengki, ditandasa ku nu hianat. Tjeuk sakaol ditilas djanggana. Mastakana dibawa ka Mataram,tanda djasa Bahurekso,jen geus unggul dina perang. 
Ajeuna ditonggoheun gunung Lembang aja gunung nu katelah Gunung Lumbung deukeut gunung Gedugan. Dipuntjakna aja artja sapotong keur nangkeup budak.
Ari eta nu matak nangkeup budak ? Tjenah istrina ti Bandung mapaj-mapaj Tjililin,terus ka gunung Lumbung : nja kapanggih lajonna, geus teu aja mastakaan. Tuluy ku tukang ukir waktu harita didjieun artjana,nangkeup murangkalih, nja eta putrana.

Tapi eta carita teh ngan saukur dongeng. Kumaha riwajat nu saenjana ? saha nu bakal pitjuktjrukeun ??? (tina buku Kandaga)

DIJUAL BUKU-BUKU LAWAS ... !!!