skin kampung indian: Kaset Sunda Euis Komariah

Kaset Sunda Euis Komariah











EUIS KOMARIAH  
ALBUM :
SURAT ONDANGAN
PRODUKSI : 
JUGALA records 

   SIDE  A :
   * SURAT ONDANGAN 
   * PALSIUN 
   * AYUN AMBING 
   * TEUTEUP JEUNG IMUT

   SIDE B :
   * HAREWOS 
   * UJUNG LAUT 
   * PARON/ARUM BANDUNG 
   * LANA SATIA 











- BIOGRAFI  EUIS KOMARIAH -

    Euis Komariah nyaéta salah saurang juru kawih tembang Sunda
    Cianjuran jeung juru kawih degung Karesepna kana tembang
    sunda geus dimimitian saprak manéhna leutik. Malahan mah dina
    umur 9 taun manéhna téh geus pinter nembangkeun tembang-
    tembang Sunda. Kelas 4 SD, anjeunna geus naék panggung jadi
    juru kawih. Bakat Euis dipulas munggaran ku Ansorud pangaping
    pakumpulan seni sunda di kampungna, Cipeujeun, Pacét,
    Majalaya. Di dieu, Euis diajar sagala rupa seni Sunda,hususna
    kawih. Bakat sarta karesepna ieu terus diasah waktu manehna
    di SMP.

    ”Waktu éta manéhna ngamimitian siaran di RRI, hususna siaran
    Angkatan Bersenjata dimana nu ngajentréngkeun kacapina mang
    Ebar sarta nu niup sulingna mang Engkos. Saprak wawuh jeung
    mang Ebar, euis mimiti mikawanoh sarta bisa nembangkeun
    tembang Sunda cianjuran.

    Sajumlah pasanggiri tembang Sunda kungsi dipiluan. Dina ampir
    saban pasanggiri anu dipiluan, pamajikan koréografer Sunda nu
    kawenta – Gugum Gumbira – ieu sok jadi jawara. Tapi anu
    pangnapelna dina haté manéhna mah nyaéta pasanggiri anu
    diayakeun ku Damas dina taun 1962, mangsa éta manéhna karék
    umur 13 taun.
   
    ”Dina kategori tembang Sunda cianjuran ieu manéhna jadi
    jawara kadua. Memang, waktu éta Euis kakara mimiti miluan
    pasanggiri, sumawona tembang Cianjuran tacan lila 
    diteuleuman. Pasanggiri Damas dua taun saterusna, 1964,
    rada istiméwa pikeun menéhna, alatan sakaligus miluan leuwih
    ti hiji katégori. Di dieu manéhna hasil meunangkeun
    sababaraha piala. Taun 1977 nyaéta taun pamungkas pikeun Euis
    miluan pasanggiri.